Selasa, 18 November 2008

WANGSIT SILIWANGI

WANGSIT SILIWANGI


Pun..! Geus dipaheutkeun ku Nu Natur di dituna, Yen kami kudu ngajagaan hiji mandala di du mangsa, yen kami baris nitis deui dina wanci nu dipasinikeun, yen kami kudu nyaksian turunna pulung ka Galunggung sabada nyaksian turunna pulung ka lebah Ciliwung ratusan tahun ka tukang
Subaya mangsa kiwari geus ninggang di ugana. Kiwari kami datang deui marengan nu datang make ngaran siliwangi, ngaran kami, ngaran bihari. Kami – ngaran, pancen jeung jiwa kami, hayang matuh dina sungsum balung atanjeun, hayang ngimah dina jiwa aranjeun.
Hayang nitipkeun ngaran kami – Siliwangi, ka anak incu kami. Jeung hayang supaya eta ngaran tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun ku kami.
Kami datng deui dina ngaran, pancen jeung jiwa kami. Kana ngaran, pancen jeung jiwa aranjeun. Geura tampa ieu kami he urang Pajajaran Anyar.
Saetuna pancen kami, jiwa kami, nya eta : Nyumkemkeun acining asih ka lemah cai kuwening ati, nagabti jiwa raga ka Nagara ku balungbang rasa, jeung dimana engke simpay nagara pegat, kadagalante kadagalante harayang ngaraja dewek, geura gunakeun leungeun aranjeun binareng jeujeuhan.
Gupayan ku katresnan sugan nu ingkar daek eling daek mulang.
Jeung upama panggupay aranjeun teu dicumponan, kami nayho yen leungeun aranjeun bisa dikuah-kieuhkeun, bisa diusapkeun bisa dipeureupkeun!
Pun..! Geura pake ngaran kami – Siliwangi, ku aranjeun, tapi omat ! masing bisa nyubandanna, masing bisa ngajagana, masing bisa ngajiwa anana.
Saestuna ngaran kami the sarua jeung kami pribadi, boga suka jeung duka, seja jeung usaha. Tapi inget-inget! Sing saha anak-incu kami nu make ngaran kami kalwan maksud nu suci, maranehna meunang kapercayaan ti kami.
Sagala dukana baris ditungtungan ku sukana, sagala sejana baris diheueuhan ku Sanghiang Bener, sagala usahana baris ditungtungan ku buahna alaeunana, jeung alaeun anak-incuna.
Sabalikna, umpama aya anak incu kami nu make ngaran kami bari teu jeung wiwaha, boga seja jeung tekad nu nirca, atawa boga rasa ujub ku kaunggulan, kami seja narik kapercayaan kami. Sarta upama aya mamala datang, tanggung pribadina di Bale Balitungan.
Ngaran kami motong dibawa, naran kami motong dikotoran.
Cag. Sakie wangsit ti kami – Siliwangi. Geura bral, sing panjang natar lalakon, kasmaran picaritaeun.

Tidak ada komentar: